1962 – Perang Viétnam: Operasi Chopper, misi tempur munggaran Amérika dina perang éta lumangsung.
1967 – Dr. James Bedford jadi jalma munggaran nu di-cryonics (ngawétkeun mayit ku cara ditiiskeun) di Yayasan Panambahan Umur Alcor ku niat jaga rék sina dihirupan deui.
1970 – Biafra serah bongkokan, ngaréngsékeun Perang Sodara Nigeria.
1990 – Pangbantéan tujuh poé dimimitian di Kota Baku, Azerbaijan nu dieusi ku urang Arménia. Haritan urang Arméni digarebugan, disiksa, ditelasan sarta diusiran ti kota.
1991 – Perang Teluk: Kongrés AS ngijinan pasukan militer Amérika pikeun ngusir Irak ti Kuwait.
1998 – Salapan welas nagara Éropa satuju pikeun ngalarang cloning jelema.
2001 – Downtown Disney dibuka pikeun umum minangka bagéan ti Disneyland di Anaheim, California.
2004 – Kapal laut panumpang panggedéna di dunia, RMS Queen Mary 2, mimiti balayar.
2006 – Kakacoan nalika ngalung jumroh dina poé panungtung Ibadah Haji di Mina, ngabalukarkeun maotna 362 jamaah.
2010 – Gempa bumi lumangsung di Haiti, nelasan leuwih ti 100.000 jalma sarta ngancurkeun sabagéan gedé puseur nagri Port au Prince.
2015 – Serangan pasukan pamaréntah nelasan 143 urang pajoang Bako Haram di Kolofata, Kamerun.
2016 – Sapuluh jalma maraot sarta 15 taratu dina hiji pangeboman di deukeut Masjid Biru di Istambul.
Nu babar
1944 – Joe Frazier, tukang tinju Amérika (td. 2011)