1291 - Direbutna deui kota Béirut ku umat Muslim, ti pangawasaan Tangtara Salib.
1549 - Kapal misionaris Yesuit Fransiskus Xaverius nepi di Kagoshima, Jepang.
1586 - Walter Raleigh mawa bako munggaran ka Inggris ti Virginia.
1890 - Vincent van Gogh némbak dirina sorangan sarta tuluy maot dua poé ti harita.
1920 - Kompas radio munggaran dipaké pikeun navigasi kapal udara.
1921 - Para panalungtik di Universitas Toronto nu diluluguan ku biokimiawan Frederick Banting ngémbarkeun panimuan hormon insulin.
1949 - Penerbangan munggaran de Havilland Comet, kapal tanaga jét nu mimiti.
1953 – Pamungkasan Perang Koréa kahontal nalika AS, Cina jeung Koréa Kalér naréken pasini daméy. Présidén Koréa Kidul Syngman Rhee nolak ngilu néken tapi janji bakal ngilu ngareureuhan perang.