Laksa

Laksa Bogor ditambahan tahu

Laksa mangrupa olahan anu teu ngan sakur kakoncara di Indonésia, tapi ogé kawentar di Asia Tenggara siga di Singapur, Malaysia, jeung Thailand.[1] Laksa nyaéta olahan tina emih anu dibéré samara luyu jeung budaya peranakan campuran tina budaya Tiongkok jeung Melayu.[1] Ngaran laksa mangrupa serepan tina basa Sanskerta nyaéta laksha anu hartina "loba", atànàpi ribu/ribuàn. Maksudna yén laksa dijieun ngagunakeun loba bungbu.[1]

Laksa miboga sababaraha wanda, anu paling kakoncara nyaéta Laksa Penang.[2] Laksa penang nyaéta laksa anu emihna buleud bodas sarta leuwih kandel.[2] Sedengkeun laksa anu paling umum kapanggih jaman kiwari nyaéta laksa Bogor jeung laksa Betawi.[2] Bédana, kuah laksa Betawi biasana maké udang rebon, sedengkeun laksa Bogor kuah kentalna maké oncom.[1] Dina segi eusina gé béda, laksa Betawi biasana dieusi endog, kupat, togé, surawung, jeung kucai didahar jeung semur Betawi.[1] Sedengkeun laksa Bogor eusina maké kupat, bihun, togé, suwiran daging hayam, hurang, jeung endong kulub, biasana didahar maké sambel cuka.[1]

Laksa Nusantara

Salian ti laksa Bogor jeung laksa Betawi, aya sababaraha wanda resep laksa anu umum diolah ku masarakat Nusantara, di antarana nyaéta:[3]

  • Laksa goréng, laksa anu teu maké kuah sarta emihna diganti maké emih spageti;[3]
  • Laksa gedang (ala Singapur), laksa anu maké bahan gedang ngora ditambah buncis, kerang laut, tahu, tempe, sarta kuahna kentel kucipati;[3]
  • Laksa hayam, hampir sarua jeung laksa Bogor;[3]
  • Laksa hurang, hampir sarua jeung laksa Bogor tapi daging hayamna diganti ku hurang;[3]
  • Laksa hayam endogan peutey, laksa hayam anu maké endog jeung peuteuy;[3]
  • Laksa hayam soun, laksa hayam maké bihun;[3]
  • Indomie laksa Singapur, laksa anu emihna maké mie instan;[3]
  • Laksa Singapur, laksa has ti singapur anu campuranna maké daging hayam campur hurang;[3]
  • Laksa penang, laksa anu maké bahan lauk laut.[3]

Rujukan

  1. a b c d e f Laksa Betawi (diaksés 10 Désémber 2015)
  2. a b c Laksa Archived 2015-12-14 di Wayback Machine (diaksés 10 Désémber 2015)
  3. a b c d e f g h i j Laksa (diaksés 10 Désémber 2015)