Linggis

Linggis dipaké nyokél paku

Linggis atawa (tembilang) nyaéta pakakas anu dijieun tina beusi buleud panjang kurang leuwih 60 cm ukuran buleudan beusina kurang leuiwih 3 cm tungtungna ngahaja digepéngkeun [1], linggis dipaké pikeun ngabantu nyokél hiji barang anu pageuh atawa beurat[2], saperti nyokél paku, ngala batu[3], bisa waé dipaké ngali taneuh mangsana ngala hui jeung sajabana [1]. Urang Maluku nyebut kana linggis téh lawangka [4]

Pedaran

Linggis dina wangunna kawilang sederhana, beusi buleud gedéna kurang leuwih 3 cm diteukteuk panjangna kurang leuwih 60 cm atawa gumantung kana kabutuhan [1], di urang linggis dijieun di gosali. Bahan beusi buleud dibeuleum nepika beureum burahay tuluy diteuktek luyu jeung kabutuhan, paneukteukana tuluy dipeupeuh luhureun paron nepika gepéng, tungtung anu hijina deui dipeupeuh ogé nepi ka gepéng tuluy dicowak saeutik sangkal calawak, di mana geus aya cowakan tuluy dielukeun, bagéan ieu paranti nyokél paku, kai, batu jeung sajabana.[5]

Tutumbu kaluar

  1. Linggis sarwaguna




Dicutat tina