Sapindaceae
| Sapindales | |
|---|---|
| (Sapindaceae) | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | Sapindaceae
|
Sapindacéae nyaéta salah sahiji kulawarga tutuwuhan tina ordo Sapindales nu mangrupa anggota tina kelompok utama Angiospermae (Tutuwuhan kembangan).[1] Sapindacéae, atawa soapberry miboga antara 135 genus jeung 1.600 spésiés.[2] Kulawarga ieu aya utamana di daérah tropis di dunya jeung utamana ngalimpah di daérah tropis Amerika.[2] Sapindales sabagian gedé mangrupa tatangkalan jeung semak, jeung tutuwuhan ngarambat nu miboga sulur.[3] daunna alternatif, sederhana, atawa majemuk;[3] teu miboga stipula iwal tina nu wangun ngarambat.[3] Kembangna laleutik, actinomorfik atawa zygomorfik, jeung biasana kelamin tunggal, sanajan keur individu nu tangtu bisa biseksual nu miboga kelamin boh jalu atawa bikang.[3]
Referensi
- ↑ (en)Sapindaceae Archived 2017-09-17 di Wayback Machine(diakses 13 Maret 2016)
- ↑ a b (en)Sapindaceae (diakses 13 Maret 2016)
- ↑ a b c d (en)[1] (diakses 14 Maret 2016)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |